Mieling Poe Basa Indung Sadunya Taun 2023, Wabup Sukabumi "Bagja Seueur Keneh Nu Ngamumule Basa Sunda"

 
Selasa, 21 Feb 2023  19:07

‘Leuwih ti éta, Pamaréntah Propinsi Jawa Barat parantos ngaluarkeun Perda Propinsi Jawa Barat Nomer 14 Taun 2014 ngeunaan parobahan Perda Propinsi Jawa Barat Nomor 5 Taun 2003 ngeunaan Pangropea Basa, Sastra,  jeung Aksara Daerah’ carios anjeuna.

Wabup ngaharepkeun, ku dilaksanakeunana kagiatan Mieling Poe Basa Indung Sadunya, kahareupna, adat-istiadat Sunda, ti mimiti pakean jeung basa Sunda, bisa dilarapkeun di sakola-sakola nepi ka paguron luhur jeung  pamaréntahan di sakuliah Kabupatén Sukabumi.

Dina kasempetan eta dipintonkeun rupi rupi kamonesan sinareng kesenian sunda diantawisna cingciripit, oray-orayan jeung sabangsaning kaulinan baheula, saterasna  Wakil Bupati sareng rengrengan saparakanca ngariksa Stand Budaya jeung pirang pirang katuangan Tradisional Sunda.

Advertisement

Berita Terkait