Mieling Poe Basa Indung Sadunya Taun 2023, Wabup Sukabumi "Bagja Seueur Keneh Nu Ngamumule Basa Sunda"

 
Selasa, 21 Feb 2023  19:07

aliansinews.id - Sukabumi, Wakil Bupati Sukabumi H. Iyos Somantri muka Kagiatan ‘Mieling Poe Basa Indung Sadunya taun 2023 tingkat Kabupaten Sukabumi’  nu lumangsung di Kantor Dinas pendidikan Kabupaten Sukabumi Cikembar, Salasa kaping 21 Februari 2023.

Wabup nétélakeun, kagiatan éta dilaksanakeun minangka upaya pikeun ngalestarikeun basa daérah sadunya. sakumaha ditangtukeun sinareng di bewarakeun ku UNESCO.

Tangtu baé anu dimaksud basa indung téh taya lian basa anu munggaran diwanohkeun ku hiji indung. Ku ayana kitu, saban sélér mibanda basa indung séwang-séwangan. Pikeun masarakat tatar Pasundan, umumna nu dimaksud basa indung teh nyaéta basa Sunda.

"pikeun ngalestarikeun kabudayaan Sunda hususna basa, sastra jeung budaya sunda téh tanggung jawab urang sadaya. Kukituna butuh dirojong di deudeul ku para wargi sadaya" saur Wabup.

Advertisement

Basa Sunda  kudu terus dijaga, ulah nika luntur komo deui leungit. Sabab, lamun lain ku papada urang hususna urang sunda rék kusaha deui.

"Ku acara ieu simkuring ngarasa, bagja sareng reueus. Kusabab ningali masih seueur jalma anu ngagunakeun jeung ngamumule basa Sunda," cariosna Wabup.

Basa Sunda salaku basa indung, hartina nempatkeun basa Sunda salaku basa utama nu digunakeun ku masarakat Sunda, boh di lingkungan sapopoe hirup kumbuh sauyunan jeung balarea, boh kitu di kulawarga.

Berita Terkait